14 total views, 2 views today
SYARAT HOYONG PAPENAK SAREUNG ALLAH DI AKHERAT AYA 2
Diserat ku Abu Rufaydah
Allah Ta’ala Nyatakeun:
فَمَن كَانَ يَرْجُو لِقَاءَ رَبِّهِ فَلْيَعْمَلْ عَمَلًا صَالِحًا وَلَا يُشْرِكْ بِعِبَادَةِ رَبِّهِ أَحَدًا
Nya Sing saha anu hoyong papenak jeung Allah, kedah ngalampahkeun amala soleh serta ulah pisan menehna nyarekatkeun saurang oge enggoning ibadah ka Allah. (QS. Al Kahfi : 110).
Imam Ibnu Katsir rahimahullah nafsirkeun ayat di luhur, saha-saha jalmi anu ngarepkeun kana pahala sareng balesan anu sae, kedah ngalampahkeun amalan soleh. Amalan saleh teh nyaeta amalan anu sasuai tuntunan sareng anu di syareatkeun (nyonto ka Rasul). Tur teu nyarekatkeun saurang oge enggoning ibadah ka Allah, maksad na eta ibadah teh kur ka Allah teu ker kanu sanes. Eta teh syarat ditampina ibadah. (Tafsir Ibnu Katsir Surat Al Kahfi ayat 110).
Jalmi anu ibadah aya opat rupa :
1. Ibadah ka Allah, tapi teu sasuai sareng tuntunan Rasulullah, eta lébet kana perkara Bid’ah.
2. Ibadah sasuai sareng tuntunan Rasulullah tapi teu kér Allah, eta lebet kana syirik.
3. Ibadah na ngan saukur ka Allah tur sasuai tuntunan Rasulullah eta anu di sebatkeun amalan saleh anu ka tampi ku Allah.
4. Ibadah na teu kér Allah tur teu sasuai tuntunan rasulillah eta amalna teu katampi alias di tolak.
Ari amalan murni karna Allah teh eta turunan tina syahadat Allah, mun amalan sasuai tuntunan Rasulullah eta turunan tina syahadat ka Rasulullah.
Urang moal tiasa ibadah murni ka Allah sareng sasuai sareng tuntunan Rasulillah lamun urang teu diajak tur ngaji. Kumargi kitu urang kedah tholab elmu supados terang anu tauhid sareng syirik, mana anu sunnah mana anu bid’ah, mana amalan kasaen mana anu awon.
Mugi-mugi amalan urang sadayana di tampi ku Allah.
Cianjur, 19 Sya’ban 1441 H
Related Post
This site uses Akismet to reduce spam. Learn how your comment data is processed.
Leave a comment
You must be logged in to post a comment.