7 total views, 1 views today
HARTOSNA SYAHADAT
Diserat ku Abu Rufaydah
Diantawis rukun islam anu paling penting teh nyaeta syahadat, lamun jalmi muslim leures syahadat na insya Allah katampi sagalaning amal ibadah na, sabalikna lamun syahadat na rusak , amal ibadah na moal ka tanpi kumargi syahadat teh salah sahiji syarat ditampi na ibadah.
Jalmi muslim anu sok netepan, zakat sareng tos haji, moal katampi amal ibadahna lamun teu lurus aqidah na. Kadang jalmi langkung hapal anu ngabatalkeun puasa sareng netepan, giliran di taros anu ngabatalkeun syahadat anjeuna teu terang.
Laailaha illallah hartosna teu aya anu sesembahan anu paling mantes diibadahan ngan saukur Allah. Rukun syahadat teh aya dua, yaeta Al-Istbat hartos na netepleun yen Allah teh anu paling hak disembah, kadua An-Nafyu hartosna ngalengitkeun sasembahan salain Allah.
Dua rukun eta teu kengeng dipisah lamun netepkeun hungkul sami sareng pamahaman liberal yaeta sadaya agama teh leres, padahal ngan saukur islam hungkul agama anu benarteh. Lamun ngaleungitkeun sadaya paribadahan urang keleubet pahamanan ateis, anu teh percanten ka Allah. Dalilnya :
فَمَن يَكْفُرْ بِالطَّاغُوتِ وَيُؤْمِن بِاللَّهِ فَقَدِ اسْتَمْسَكَ بِالْعُرْوَةِ الْوُثْقَىٰ لَا انفِصَامَ لَهَا ۗ وَاللَّهُ سَمِيعٌ عَلِيمٌ
Sing saha anu kupur ka thaghut serta iman ka Allah, nya manehna anu geus muntang kana tali anu kacida pageuhna, anu moal pegat-pegat. Jeung Allah teh Maha Ngadangu tur Maha Uninga. (QS. Al Baqoroh : 256).
Imam Ibnu Katsir rahimahullah nafsirkeun eta ayat :
من خلع الأنداد والأوثان وما يدعو إليه الشيطان من عبادة كل ما يعبد من دون الله ، ووحد الله فعبده وحده وشهد أن لا إله إلا هو ( فقد استمسك بالعروة الوثقى ) أي : فقد ثبت في أمره واستقام على الطريقة المثلى والصراط المستقيم .
Saha-saha jalmi anu ngalepaskeun paribadahan anu janten tandingan-tandingan Allah sepertos patung atanapi anu diajak ku setan ibadah ka salain Allah tur ngesakeun Allah, ibadah ngan saukur ka Allah sareng ngaksian yen Allah teh hiji-hijina anu hak disembah. (Tafsir al Quran al Adhim, Surat al Baqoroh ayat 256)
Maksada yen Allah teh hiji-hijina sesembahan anu paling mantes diibadahan ku urang. Hartosna sesembahan anu sanes teu pantes di sembah, kumargi salain Allah mah makhluk. Samulia-muliana makhluk mah tetap we makhluk, moal tiasa tika tingkat disembah seperto Allah.
Nabi Muhammad manusa paling mulia, Malaikat Jibril malaikat anu paling mulia, tapi dua-duana teu tiasa disembah tur diibadahan ku urang. Komo deui lamun salain ti Nabi Muhammad sareng Malaikat Jibrin anu langkung rendah, sepertos tatangkalan keramat, keris, kuburan keramat. Urang teu kengen nyuhunkeun atanapi ngadu’a tur ibadah kana makhluk-makhluk ciptaan Allah, lamun tetep ibadah eta kasebat migawean kasyirikan.
Migawean syirik teh sagede-gede na dosa sareung maksiat, anu migawean moal katampi amal ibadah na, lamun saacan pupus teu taubat. Syirik teh anu matak langgeng dina naraka.
Allah Ta’ala netelakeun dina al Qur’an :
إِنَّهُ مَن يُشْرِكْ بِاللَّهِ فَقَدْ حَرَّمَ اللَّهُ عَلَيْهِ الْجَنَّةَ وَمَأْوَاهُ النَّارُ ۖ وَمَا لِلظَّالِمِينَ مِنْ أَنصَارٍ
Saestuna sing saha anu sirik ka Allah, sabenarna Allah ngaharamkeun maranehna abus ka sawarga, jeung pang balikanana naraka, jeung pikeun jalma-jalma darolim teh moal aya anu nulungan. (QS. Al Maidah : 72)
Dina ayat eta jalmi anu migawean sirik teh yaeta diharamkeun lebeut kana surga, dileubetkeun kana Naraka, sirikteh saageung-ageungna ka doliman tur moal aya anu nulungan di akherat. Aamiin
Mugi-mugi urang dileubetkeun ka jalmi anu ngesakeun Allah tur ditebihkeun kana jalmi anu migawean sirik. Aamiin
Cianjur, 21 Sya’ban 1441
Related Post
This site uses Akismet to reduce spam. Learn how your comment data is processed.
Leave a comment
You must be logged in to post a comment.